Minggu, 24 Februari 2019

TILU PERKARA AMALAN ANU BAKAL NYAANGAN DIALAM KUBUR



TILU PERKARA AMALAN ANU BAKAL NYAANGAN DIALAM KUBUR
Hadirin anu di mulyakeun ku Gusti Allah Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade ngababarkeun tilu perkara amalan anu bakal nyaangan dialam kubur. 
Hadirin anu di mulyakeun ku Gusti Allah
Anu bakal nyaangan urang di jero kubur aya tilu perkara cek hadis rosul nyaeta: kahiji elmu nu manpaat, bari dialap manfaat, nyaeta nyaeta elmu anu diamalkeun ku diri urang  jeung elmu anu diamalkeun mamagahan batur. Nu kadua nyaeta amal sodakoh jariah anu iklas karana alloh,
Nu terakhir nyaeta nu katilu amal nubakal nulungan urang teh nyaeta anak anu soleh, nyaeta budak anu 
ngadoakeun indung bapana, sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola, ngala elmu jeung sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngadoakeun kakolotna. 
Mudah-mudahan urang sadayana tiasa amal sodakoh, tngadidik barudak, ngamalkeun elmu jeung sajabana. Lamu anu euncan hayu urang mimitian ti ayeuna ti detik ieu ti poeieu, sakumaha amal-amal anu di pikarido ku gusti Allah Subhanahu Wata Ala. Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring hapunten anu kasuhun bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu enak kanak manah leresna tina agama, lepatna tina kabodohan simkuring. wAssalamu’alaikum…

0 komentar