Minggu, 24 Februari 2019

CIRINA POE KIAMAT



CIRINA  POE KIAMAT
Hadirin anu di mulyakeun ku Gusti Allah Dina kesempatan Ieu simkuring Bade medarkeun, Cirina  poe kiamat.
Hadirin anu di mulyakeun ku Gusti Allah upami urang ninggal Kana kaayaan jaman naon sabab alloh loba nurunkeun azab ka alam dunya aya anu dibere banjir, longsor sunami neupi ka dibere lini anu badag eta teh jadi tapakuranen urang yen alam dunya teh geus kolot geus tereh kiamat loba pangeusina anu maksiat geus jauh tina ajaran Allah.
Hadirin anu di mulyakeun ku Gusti Allah Tanda tanda urang geus deuekeut Kana kiamat, nyaeta ka hiji awewe geus eweh kaera loba anu nemongkeun oratna kana anu lain hakna, kadua geus ngababukeun kanu jadi indungna tegesna indung dijadikeun pembantu kunu jadi anak, katilu geus paluhur-luhur tina bangunan ngaleuwihan luhurna bangunan masjid, ka opat bijilna panon poe tilebah kulon, kalima ancurna tulisan al-qur’an.
Kumargi kitu, simkuring papadon urangmah kudu taat ka ajaran Allah, ngarah dijauhkan Tina Sagala marabahaya Jeung dijauhkan Tina dosa, hayu urang tobat ka allah, kurangan tina migawe dosa. sakitu Bae anu kusimkuring tiasa dipihatur, hapunten Tina Sagala kasalahan atanapi kakirangan. Wassalamu’alaikum warohmatullohi warabokatu. 

0 komentar