Assalamualaikum Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim.
Bismilah hirohman nirohim.
Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana
Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika
nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.
Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha
suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata
Ala. Sakumaha hidayah sareng inayahna
urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta
nikmat anu pang ageung-ageungna. Solawat
sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad
Selewlohiu Alaihi Wasallam. Kusabab
anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung
mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.
TILU GOLONGAN JALMI ANU MOAL ASUP KA SURGA
Parahadirin anu kusimkuring dipihormat dina
kasempetan anu ayeuna simkuring bade ngapayunken tilu golongan anu moal asup
kana surga.
Parahadirin anu kusimkuring dipihormat
Loba pisan
jalma anu ngaku-ngaku geus ahli surga padahal manehna jauh tina pisurgaeun
masih keneh hante nyadar sikapna loba kana ka maksiatan.
Parahadirin anu kusimkuring dipihormat
Aya tilu
golongan jalmi anu moal asup ka surga jeung teu kenging rahmat ti gusti Alloh.
· Anu kahiji, Jalmi anu sok ngagegeringanan ka
Indung Bapa, baik ucapan, padamelan, atawa ku naon bae tingkah anu matak
nganyeurikeun ka Indung Bapa. Padahal ceuk dina al-qur’an nyebutkeun eh hungkul
teumeunang komo neupika nganyeurikeun hate.
· Kadua, Istri anu nyarupaan ka Carogena. Sakuduna
Caroge marentah kanu janten Istrina, tapi ieu mah ti balik Istri angkuh ku
kageulisanana, angkuh ku kangoraanana, oge angkuh kuluhur pangkat jeung
turunanana, sehingga Carogena ngarasa sieun kunu janteun Istrina.
· Katilu, Jalma anu dayus. Parahadirin anu
kusimkuring dipihormat, ari dayus teh nyaeta ngantep dina maksiyat. Contohna
saperti kieu Parahadirin, Indungna daek ibadah, Bapana daek ibadah, tapi Anakna
teu daek bari diantep kunu janten Indung Bapana, tah nu kitu ngarana Kolot
dayus.
Parahadirin
anu kusimkuring dipihormat, tah nu tilu ieu moal asup ka surga satungtung can
tobat dina waktu hirupna. Mudah-mudahan Urang Sadayana heunteu ka golongkeun
Jalmi anu dayus, amin,,,,
Parahadirin
anu kusimkuring dipihormat, mung sakitu anu tiasa kadugikeun ku simkuring,
leresna tina agama, lepatna tina kabodohan simkuring. wAssalamu’alaikum…

0 komentar
Posting Komentar