Minggu, 03 Februari 2019

pidato bahasa sunda HIKMAHNA SOLAT



Assalamualaikum Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim.
Bismilah hirohman nirohim.            
Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.
Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala. Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna. Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam. Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.
HIKMAHNA SOLAT
Parahadirin anu kusimkuring dipihormat dina kasempetan anu ayeuna simkuring bade ngapayunken hikmahna solat.
Parahadirin anu kusimkuring dipihormat simkuring bade tumaros osok ngalaksanakeun solat tara? “percaya hnteu jalma anu sok solat bakal cilaka”??? Kudu percaya jalma solat NU cilaka nyaeta jalma anu ngalalaikeun sholat. Tah... Komo Mun jalma NU tara sholat pasti leuwih disiksa kualloh bageana dina naraka sakor.
Hadirin anu kusimkuring dipihormat, seueur pisan kautamaan Tina sholat, pami urang sholat urang bisa hidup tentrem jauh tina maksiat. Pan cenah sholateh ngajauhken urang Tina sifat iri hati Jeung dengki. Kumargi kitu simkuring hoyong sadayana turut nurut Kana aturan agama. 
Intinamah hayu urang tobat, pan urang salareaa apal sholat tiang agama, Mun tihangna teu ku urang di ajegkeun rek kusaha deui?? Da ku lain muslim mah pan manehna hayang ngahancurkeun.
Matakan hayu, di mulai ti urang kudu getol Kana sholat, solat teh panghelana anu dihisab kualloh Pokoknamah sholat,sholat sholat. Tobat tobat tobat. 
Dupi sakitu Bae anu tiasa ku simkuring dipihatur,hapunten Tina Sagala kalepatanana, hapunten Tina basa anu kasar basa anu kasasar mugia Allah masihan Rahmat sareng hidayah supaya urang tiasa taat ka anjeuna. Wasallamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. 

0 komentar